Menu Close

Tepas

Wilujeung Sumping!

Dina raraga ngamumule basa indung nyaeta Basa Sunda, simkuring kalintang bingahna saupami tiasa midangkeun sagala rupi tulisan tur basa lisan komo deui ngagunakeun huruf-huruf Sunda kanggo ngadugikeun sadaya eusi pangaweruh nu ukur sakeclak tibatan luasna lautan elmu Gusti nu Maha Suci. Dina danget ayeuna, teu hilap simkuring seja ngahaturkeun rebu nuhun kanggo parawargi anu parantos tiasa dugi kana tinepangna ieu media online gagaduhan simkurinng. Oge, simkuring kalintang bingah saupami dina ieu media online teh tiasa manfaat kanggo simkuring khususna oge kanggo sadayana anu mudah-mudahan tiasa janten washilah kasaean engke di Yaumul Jaza.

Dina zaman kiwari, kamajuan teknologi dina widang data sareng informasi parantos minuhan rupi-rupi aplikasi anu dibutuhkeun ku manusa. Contona saperti aplikasi anu bisa ngira-ngira iraha datangna hujan atawa kondisi jalan perkotaan naha macet henteu na jeun sajabana. Komo deui, saking canggihna alat-alat komputer dugi ka bisa nyaruaan tingkah laku manusa anu kawentar disebat Artificial Intelligence (AI). Sahingga, sagala perkara

Sumber: Wikipedia

Mapag carita pawayangan, yen aya hiji ngaran anu ngagaduhan rupa-rupa elmu tur bisa ngawasa tilu alam. Salain ti eta, tina silsilah awal mula ieu peran teh nyaeta kaistimewaan anu dipimilik ku eta peran teh aya dina kaunggulan dibanding dulur-dulurna sahingga katelahna anu “dipihormat”. Dina maksud ieu caritaan teh nyaeta simkuring ngagunakeun ngaran Batara Guru ku ayana sifat Batara anu kedah ngagaduhan kabijaksanaan, kaadilan, tur elmu pangaweruh anu tiasa dianggo kamanfaatanna kanggo saha wae.